Tuesday

Pepatah SUNDA Yang kian terlupakan



NU ENGEUS DI POHO KEUN



1 Taat sumebah kanu janten rama ,sumujut tamut kanu jadi ibu


2  Manusa mah beda jeung anjing di jarian ,dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi 
      manusa sajaba ti bilatungan bakal pangih jeung balitungan


3 Lain sia kudu melaan agama nepi perang, tapi sia kudu nga nuhun keun kanu agama , sabab agama anu bakal nulungan urang engke di akherat


4 Gera leungit keun sirik pidik anu dina ati , aral subaha anu nyayang dinu dada


5 Panon poe geus moncorong , indung berang geus nyaangan , gear keun hate nu alem , heab keun kanu rasa tiis ,bray hibar cahayana ka sakuliah alam dunya , mawa bagja keur urang sararea


6 Mun geus nyaho ulah poho tangtu moal ka bobodo


7 mun boga kenur sa depan ulah wani wani nguseup ka lautan gede


8 Gera menta hampura kanu jadi bapa . gera menta ampun kanu jadi indung sabab eta dua dua na pangeran urang di alam dunya


9 Jeung dulur mah jauh silih tepungan , angang silih teangan , gering silih ubaran , paeh silih lasanan , salah silih benerkeun , poekeun silih caagan , mun poho silih bejaan


10 Geus loba pangarti nu kapimilik , geus loba elmu nu di kapibanda , elmu nu geus katimu kari di amal keun


11 Ulah nuduh kanu jauh , ulah nyawang kanu anggang , nu caket geura raketan nu dekeuet geura dedesan ,moal jauh tina wujud moal anggan tina awak ,aya naon jeung aya saha ? tina diri sorangan cirina dina satangtung diri pek gera pangihan silahturahmi the jeung diri sorangan, ulah waka nyaksian batur , saksian hela diri sorangan


12 Babaturan anu boga akhlak goreng, lewih bahaya tinimbang oray anu beracun



13 Nasib unggal jalma bakal robah saupama dirina sorangan nu ngarobah


No comments:

Post a Comment